blog Details

blog

Nu Kabandang di Leweung Sancang

Gundukan 'Misteri  di pilemburan, Emon Suryadilaga mawa nu maca kumalayang nyungsi jagatna carita, lumaku tina carita mistis kabatinan, lalampahan pikaresepeun tug  nepi ka pikakeueungeun. Dipitembeyan ku lalakon 'Nu Kabandang di Leuweung Sancang',  anu nyaritakeun mahasiswa nu keur meujeuh belekesenteng ngalawan kaayaan misterius, tepi ka dongéng asmara di sisi basisir  Pananjung  'Kalangsu di Pananjung', unggal carita ngébréhkeun pamadegan nu béda ngeunaan hirup, tresna, jeung silihélédan. Carita-carita saperti 'Lalangsé Kebon Karét' jeung 'Nu Manggung di Gunung Halimun' ngagambarkeun konflik sosial dina kahirupan sapopoé, sedengkeun 'Korsi Tutunggul Jati' jeung 'WAWALES', eusina medar dunya gaib jeung balukar tina laku-lampah. Tina misteri nu nyampak dina kaajaiban rawa 'RAWA ONOM', saban runtuyan carita nétélakeun hiji lalampahan nu nyari, ngahijikeun tradisi, carita lawas, jeung kahirupan manusa di tatar Sunda, nganteur nu maca ka alam dimana dunya nyata jeung nu gaib ngadu pangabisa.

___

KETERANGAN BUKU:


Judul: Nu Kabandang di Leweung Sancang

Penulis: Emon Suryadilaga

Ukuran: 14x20 cm

Jumlah Halaman: 177 halaman

Social Share :